Rabu, 10 Oktober 2012

pengertian kata sunda (arti)


SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDA
Numutkeun Drs. R. Mamun Atmamihardja (Sajarah Sunda I, 1956) hasil anjeunna nyukcruk tina rupi-rupi kamus, harti kecap Sunda teh nyaeta:
A. Dina Basa Sansakerta:
  1. SUNDA, jangkar kecapna Sund, moncorong, caang.
  2. SUNDA, jenengan Dewa Wisnu.
  3. SUNDA, jenengan satria buta (daitya) dina carita Upa Sunda sareng Ni Sunda.
  4. SUNDA, satria wanara dina carita Ramayana.
  5. SUNDA, tina kecap cuddha.
  6. SUNDA, ngaran gunung di kalereun Bandung (Prof.Berg).
B. Dina Basa Kawi:
  1. SUNDA, hartosna cai.
  2. SUNDA, hartosna tumpukan.
  3. SUNDA, hartosna pangkat.
  4. SUNDA, hartosna waspada.
C. Dina Basa Jawa:
  1. SUNDA, hartosna nyusun.
  2. SUNDA, hartosna ngarangkep.
  3. SUNDA, tina candra-sangkala hartosna dua (2).
  4. SUNDA, tina kecap unda hartosna naek.
  5. SUNDA, tina kecap unda hartosna ngapung.
D. Dina Basa Sunda:
  1. SUNDA, tina sa-unda tina sa-tunda, hartosna tempat pare (leuit).
  2. SUNDA, tina sonda, hartosna alus.
  3. SUNDA, tina sonda, hartosna punjul.
  4. SUNDA, tina sonda, hartosna senang.
  5. SUNDA, tina sonda, hartosna sugema.
  6. SUNDA, tina sonda, hartosna panuju.
  7. SUNDA, dina sundara, hartosna lalaki kasep, tegep.
  8. SUNDA, dina sundari, hartosna awewe geulis.
  9. SUNDA, dina sundara, jenengan Dewa Kamajaya.
  10. SUNDA, hartosna endah.
Upami dietang kecap Sunda teh numutkeun papayan etimologi aya 25 hartos. Tiasa jadi baris nambihan deui saupami leukeun mapay kamus basa sanesna, upami bae dina kamus Basa Kawi-Perancis, hartos kecap Sunda nya eta Kacida pisan endahna tur hejo ngemploh (Viviane Sukanda Tessier, dina diskusi pengamat Kabudayaan, 1990).
Pamendakna Dr. H. Mansur Surayanegara, kecap SUNDA teh dina Basa Arab nyaeta Sin - nun - dal, dupi hartosna nyaeta : “Penamaan Wilayah”
  • Wilayah anu loba gunungna (B.I: bergunung-gunung), tepi ka upama rek ka wilayah eta kudu naek (nanjak), kaasup oge laut anu aya gunungna (Rakata-Krakatau).
  • Balik deui/mulang deui (B.I: kembali), tegesna tempat urang Arab balik deui ka ieu wilayah pikeun nyiar deui rempah-rempah. Balukarna ieu wilayah teh Nusantara) disebut: SUNDA BESAR jeung SUNDA KECIL, ari dasar lautna disebut PAPARAN SUNDA. (Dr. A. Mansur Suryanegara ka sim kuring dina Dialog Kebudayaan Sunda di Musium Jawa Barat, 15-7-1997).
  1. SUNDA, jangkar kecapna sund (bandingkeun sareng sun-B.Inggris nu hartina panonpoe), caang, moncorong, cahayana maparin sumber kahirupan keur sakumna mahluk. Ku kituna pancen Ki Sunda teh lir ibarat gawena panonpoe, masihan obor karahayon, malar hirupna pangeusi bumi binarung jeung huripna. Jadi henteu nyunda upami seug nya surem nya poek, surem lahir poek batin. Anu kitu pandena mah pibasaeunana teh manawi Sunda Samagaha.
  2. SUNDA, jenengan Dewa Wisnu. Dupi pancen Wisnu teh nya eta miara alam dunya. Jol breh katangen yen tugas Sunda teh miara Alam. “Heh manusa, ulah nyieun karuksakan anjeun di bumi”, kitu pidawuh Alloh SWT. Dupi alam kapan aya alam kabir, alam sagir, diri urang nyatana. Ku kituna sanes Sunda, upami ruksak dirina (lahir batin, ahlak moralna), oge henteu nyunda upami wae hirupna ngareksak lingkungan alam sareng masarakatna.
  3. SUNDA, satria buta (daitya). Conto dina pawayangan nu disebat detya, nyaeta Gatotkaca (putra Bima sareng Arimbi). Gatotkaca teh mibanda pasipatan nu kalintang saena teguh tanggoh tur nyatria, gede tanaga tur luhur panemuna, leber wawanen dina mancegkeun bener jeung adil. Ku kituna henteu nyunda upami hirupna nya lemer hengker, elehan, sareng sieunan, hianat tur sirik pidik, nu kitu mah sanes detya, tapi buta wereng, hamaning hirup.
  4. SUNDA, satria wanara. Wanara ayeuna mah sok dihartoskeun monyet. Padahal tiasa dirucat wana=leuweung, ra=jelema nu hade. Tegesna jelema nu hirup di pileuweungan, di pahumaan. Pasipatanana: tara kuuleun, resep digawe, tangginas. Pibasaeun keur ayeuna mah nya eta manusa nu pro aktif, aktif-kreatif (rancage) tur dinamis (binekas, binangkit). Tetela henteu kalebet nyunda upami hirupna taya kamau, taya gadag, kuuleun, lengle talangke, horeaman embung gawe cape.
  5. SUNDA, tina kecap cuddha, tegesna putih. Kecap putih dina basa Sunda ngandung hartos kalintang saena: ‘clik putih, clak herang’=beresih pisan, wening, setra. Lemah putih=uteuk nu beresih. Ati putih, teu goreng sangka, henteu suudon. Ku kituna henteu nyunda, upami uteukna(pikiranana) pinuh ku reka perdaya keur nyilakakeun batur; hatena giruk-hasud, sirik pidik jail kaniaya, suudon ka papada manusa. Jelema nu kitu pandena papalingpang sareng ma’na kecap Sunda.
  6. SUNDA, ngaran gunung nu kacida luhurna diantara Gunung Buran grang sareng Gunung.Tangkubanparahu, nalika jaman samemeh aya Talaga Bandung. Ma’na kecap gunung dina Basa Sunda, nuduheun hal nu gede, sapertos bae dina rumpaka “Papatet” pangrajah dina bubuka ieu makalah. ‘Gunung tanpa tutugan’ sok aya nu ngahartoskeun lambangna Kaagungan Alloh nu taya wates-wangenna. Gugunungan, lambang jagat ageung sareng jagat alit nu pinuh ku rahmat Alloh SWT. Ku kituna tetela Sunda teh ngandung sipat nu luhung, luhur, gede ngajunggiring tur pinuh ku rahmat Alloh SWT. Ku kituna teu merenah disebat nyunda, upami karunyinyin batin sareng heureut ku sateukteuk.
  7. SUNDA, hartosna cai. Lambang subur ma’mur, maparin pangrojong kana kahirupan sugrining mahluk, tukuh maksud, tara boboleh enggoning ngudag tujuan. Nyaho pamiangan sareng nyaho pangbalikan (siklus; laut - saab - mega - hujan - walungan - laut). Tumali sareng eta teu merenah disebat nyunda, upami hirupna bororaah ngarojong kana kamaslahatan manusa, malah sawangsulna matak mugurkeun batur. Teu ceehan, boboleh sieun ku eleh ; hirupna linglung teu terang ti mana nya pamiangan kamana nya pimulangeun.
  8. SUNDA, hartosna tumpukan. Numpuk tuduh nyusun ka luhur. Tegesna ngandung ma’na loba, beunghar, sarwa teu kurang. Tumali sareng eta henteu nyunda upami teu loba kanyaho, teu beunghar panemu, hirupna kurat karet kekerehet, sarwa kurang tur walurat, ukur tadah citresna pamasihan.
  9. SUNDA, hartosna pangkat. Dupi pangkat kapan kahontalna teh ku hasilna gawe, ku kesang, ku elmu panemu. Anu engkena nimbulkeun pangajen ti batur. Kapan nya ‘batur’ pisan nu netepkeun pangkat ka urang teh. Pangkat teh jadi ciri ajen inajen (kualitas) manusa.
  10. SUNDA, hartosna waspada. Waspada teh sikep manusa nu ati-ati, pinuh ku duduga prayoga, asak jeujeuhan, matang tinimbangan, kahareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala salengkah. ‘Waspada permana tingal”, nyaho kana nu baris kasorang. Ieu teh jadi sahsawios sarat nu jadi pamingpin, nya eta weruh sadurung winarah, awas waspada permana tingal. Teu merenah disebut nyunda, upami heureut deuleu, pondok lengkah, teu apal usikna jaman.
  11. SUNDA, hartosna nyusun. Nyusun ngandung gambaran beres roes, ngentep seureuh, nete taraje nincak hambalan. Henteu rogok saropsopan, henteu renjul paluhur-luhur tangtungan, henteu balatak pasolengkrah. Kitu nu nyunda mah, ngentep seureuh, puguh gekgekanana.
  12. SUNDA, hartosna ngarangkep. Dina babasan ‘Boga pikir rangkepan’ hartosna henteu bolostrong, dipikir heula nu asak, wiwaha. ‘Ngarangkep’, ngajodo, ‘Batu turun keusik naek, kalapa tonggoheunana, itu purun-ieu daek, sarua pada bogohna. Ieu ngagambarkeun rasa nu silih pikadeudeuh, silih pikanyaah, silih asih-silih asah, silih asuh. Ku kituna teu merenah disebut nyunda upami pikiranana kosong bolostrong, harung-gapung, taya rangkepan. Kitu deui henteu nyunda, upami hirupna henteu daek ngarangkep (patojaiah) boh lahir batinna, boh sareng kulawarga-masarakatna. Teu merenah disebat nyunda, upami hirupna hanteu silih pikadeudeuh, kalah silih herengan, silih rengkas-silih teungkas, silih leyek-silih idek, tetela nu kitu henteu nyunda.
  13. SUNDA, hartosna angka 2. Angka 2 (dua), ngandung siloka-sasmita nu teu kinten jerona. ‘Lalawanan: panas-tiis, suka-bungah. Papasangan: istri-pameget, siang-wengi, itu-ieu jeung sajabana ti eta. Ngeunaan aworna nu dua (2) Haji Hasan Mustafa nyaurkeun: sapanjang neangan itu-ieu, ieu-deui ieu-deui, sapanjang neangan bungah, susah deui susah deui,…’. Kacindekanana teu kalebet nu nyunda upami teu tiasa nepungkeun lahir jeung batin, kuring jeung anjeun, rasio jeung rasa. Kasadaran kana palasipah angka 2, ngabalukarkeun manusa bakal jadi mahluk nu aya rasa rumasa. Rumasa jadi mahluk Alloh, ngabalukarkeun tumuwuhna Hablumminnalloh, rumasa jadi mahluk, ngabalukarkeun tumuwuhna rasa hablumminnanas.
  14. SUNDA, hartosna naek. Kecap naek ngagambarkeun kaayaan nu leuwih luhur, leuwih maju, leuwih hade, leuwih positip. Kecap naek tuduh kana “pagawean”, tuduh kana ayana tarekah usaha, ayana proses. Tumali sareng eta teu merenah disebut nyunda upami hirupna ngajeten, teu aya majuna. Langkung-langkung upami sareng mundur atanapi turun. Sunda ngandung ma’na maju, naek, henteu ngarandeg.
  15. SUNDA, hartosna ngapung. ‘Ngunda langlayangan’, hartosna ngapungkeun langlayangan dugi ka mayung. ‘Ngunda jangkrik, hartosna nimbulkeun, ngahudangkeun wawanen supaya tandang deui. Ngapung (mayung) di manusa mah nyaeta luhur darajatna. Ngunda atanapi ngahudangkeun wawanen, tegesna kedah tapis ngamotivasi diri malar tumuwuh wawanen pikeun hirup. Ku kituna teu kalebet nyunda, upami hirup ukur kakayapakan di handap, komo upami seug nyirorot nutug mah. Dalah mumbul ngapung, nanging pegat talina oge teu kalebet nu nyunda.
  16. SUNDA, hartosna alus. Kecap alus tuduh kana kaayaan nu dipikaresep, dipikahayang. Pangajen kana alus atanapi goreng kalebet pangajen estetika sareng etika. Alus hartosna luyu sareng nu dirarancang, mangpaat. Hasil nu “alus” teu weleh pada narekahan sangkan kahontal. Ku kituna henteu nyunda, upami henteu alus.
  17. SUNDA, hartosna punjul. Kecap punjul ngandung hartos onjoy atanapi aya leuwihna ti nu biasa. Punjul tuduh kana kualitas, kana prestasi. Ku kituna sanes Sunda, upami hirupna henteu aya punjulna (niley pleus), henteu mibanda kualitas (ajen diri, jati diri), dalah upami tea mah ukur ‘biasa-biasa’ oge saleresna teu kalebet nyunda. Da Sunda mah hartosna punjul. Kecap punjul oge ngandung ma’na sanggup ‘diuji’, dibalapkeun prestasi jati dirina, sanggup nyanghareupan persaingan hirup.
  18. SUNDA, hartosna senang. Ma’na kecap senang tuduh kana kaayaan batin, katumarimaan, tiasa sukuran ka Nu Maparin Kaayaan. Batinna tengtrem ayem, bungah henteu kendat ngedalkeun ‘Alhamdulillah’. Ku kituna teu kalebetanu nyunda, upami hirupna ngan marungkawut ngukut kabingung, luh-lah humandeuar, iren-panastren, aral subaha.
  19. SUNDA, hartosna sugema. Kecap sugema tuduh kana kaayaan hate nu atoh tur tumarima, kulantaran nu diangen-angen (kahayang) kalaksanakeun. Tiasana kahontal rasa sugema tangtos bae eta teh hasil tarekah. Rasa sugema, mung aya di manusa nu terang kana wates kamampuh dirina. Nu ajol-ajolan ngalangkungan kamampuh dirina, tetela moal pendak sareng ’sugema’. Manusa nu kaancikan rasa sugema, hirupna moal lenjong titatarajong, moal galideur. Kukituna teu kalebet anu nyunda upami hirupna teu acan nyumponan kana ma’na sugema.
  20. SUNDA, hartosna panuju. Kecap panuju tuduh kana pangajen ti nu sanes ka diri urang; tuduh yen nu dipigawe ku urang luyu sareng nu dipikahayang ku nu sanes. Nembongkeun yen eta jelema bisa campur gaul di masarakatna. Ku kituna teu merenah disebut nyunda upami hirupna ukur cawadeun atanapi pikacuaeun, pikasebeleun batur. Tetela ma’na kecap panuju raket tumalina sareng tatakrama (etika)hirup kumbuh manusa.
  21. SUNDA, hartosna lalaki kasep. Kecap kasep, tegep tuduh kana kaayaan paroman, raray, rarahi anu nimbulkeun batur resep, nyaah. Kasep atanapi tegep tuduh kana kaayaan lahiriah. Ku kituna henteu nyunda upami kaayaan lahiriahna pikageuleuheun batur.
  22. SUNDA, hartosna awewe geulis. Geulisna istri tuduh kana kaayaan sareng pasipatan nu nyampak di istri. Geulisna istri henteu mung lahiriahna wungkul nanging oge kaayaan batiniah nu nyumiratkeun kaluhungan budi. Kitu wanoja nu nyunda mah.
  23. SUNDA, hartosna endah. Kecap endah tuduh kana rasa kalemesan budi (estetika). Kecap endah, ngandung harti/ma’na payus, pantes, alus, merenah. Ku kituna teu merenah disebat nyunda upami henteu nembongkeun kaayaan nu endah. Teu kalebet anu nyunda upami kaayaan kusut, awut-awutan, sareukseuk gareuleuh.
  24. SUNDA, hartosna Kamajaya. Dina mitologi Sunda, Dewa Kamajaya teh nya eta Dewa Cinta, nu nebarkeun rasa deudeuh asih. Ma’na ‘deudeuh asih’, henteu mung antawis istri-pameget, kolot-anak, nanging kum ka papada manusa, jembarna pisan mah deudeuh asih ka sadaya mahluk dadamelan Alloh SWT. Mumbulna pisan mah bakal nuwuhkeun rasa deudeuh (ajrih) tur kumereb ka nu Agung. Ku kituna kacida teu payusna nyebat Sunda, upami hirupna resep megatkeun silaturahmi, silih pikaceuceub, silih cilakakeun, teu resep repeh-rapih, teu resep guyub sauyunan, aing-aingan.
  25. SUNDA, hartosna panundaan (tempat nunda). Tiasa disebat oge leuit. Tinangtos barang nu disimpen di tempat panundaan (leuit) mah barang-barang nu aya mangpaatna, ageung gunana. Upamina bungbuahan atanapi beubeutian, pare, jagong sste. Nu disimpen di leuit mah iwal ti kanggo tuangeun teh tangtosna oge kanggo pibiniheun. Ari nu dianggo binih, moal boa kedah nu kalebet winih nu unggul, petingan. Upami kitu atuh nu ditunda di Sunda oge, moal boa Winih manusa unggul, Manusa Mulya, Insannul Kamil wa Makamil (Insan nu sampurna tur nyampurnakeun). Tumali sareng eta, kalintang henteu payusna upami ngangken Sunda, nanging suda rasa kamanusaanana, sepi budi pekerti, tuna ahlak-susila, ukur jadi runtah nyayeud di jero leuit. Palias teuing binih hapa pisikieun, ku lanas lahir batinna. Lebar ku leuit dibrugbrugan congkrang-bongkrang, gagarubang ngaheurinan leuit Sunda.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar